2. Kalimah-kalimah nu ditepikeun dina biantara téh sabisa-bisa mah lain baé kudu bener basana, tapi kudu ngeunah deuih kadéngéna. Anu matak dina biantara mah sok loba mamanis basa, upamana babasan jeung paribasa, saperti biantara ieu di handap.

Bapa, Ibu, sareng Sadérék hormateun sim kuring. kajurung ku hoyong ngiring jabung tumalapung étang-étang lauk buruk milu mijah, hoyong, Sim kuring ngadeg di payun téh sanés bade kumawantun mapatahan ngojay ka meri, namung ngadugikeun sakedik kamandang patali sareng perluna urang ngajaga kaséhatan. Sok komo apan ayeuna téh bangsa urang nuju katurug katutuh, keur gé masih dijungjurigan ku sasalad Covid- 19, turug-turug loba panyakit séjénna anu timbul lantaran urang teu biasa ngajaga kaséhatan.

Pék tangtukeun, aya sabaraha mamanis basa nu mangrupa babásan jeung paribasa anu kakandung dina téks biantara di luhur, sarta tuliskeun hiji-hijina!

──────────────

3. Geus diniatan ku manéhna mah. Moal rék ngapalkeun atawa nyieun catetan dina keretas. Geus gilig kumaha bréhna wé. Rék aga-eugeu, rék ngatog, kumaha isukan. Anu penting mah maju ka hareup, tuluy biantara saayana. Isukna, ngaran manéhna kagiliran disebut pikeun biantara hareupeun hadirin. Teu talangké, srog ka hareup, tuluy ngong biantara. Enya baé, réréana mah manéhna téh aga-eugeu batan norolang mah. Tapi sakitu mah teu burung lancar, lantaran salila biantara teu kungsi ngarandeg lila.

Ilustrasi di luhur ngagambarkeun biantara anu maké métodeu ...

- No Copas
- No Jawab Asal​

↦Nomer 2

Téks biantara di luhur ngabogaan 4 babasan jeung paribasa, nyaéta:

  1. Mapatahan ngojay ka meri
  2. Ngiring jabung tumalapung
  3. Lauk buruk milu mijah
  4. Katurug katutuh

Pedaran

Pakeman basa téh dina basa Indonésia disebutna ungkapan kata atawa idiom. Kecap "pakeman" (basa Walanda vakum hartina 'matok' atawa 'angger'). Pakeman basa nuduhkeun ungkara basa anu angger atawa geus matok. Ilaharna pakeman basa teh mangrupa kalimah atawa gundukan kecap anu geus dipatok, geus ditaker diwatesanan, teu meunang dirobah, boh dirobah unina atawa éjahanana, boh dirobah tempatna atawa dilemeskeun.

Tina cutatan di luhur ébréh yén pakeman basa (basa Indonésia: ungkapan kata atawa idiom) téh, nyaéta ungkara basa anu husus tur mandiri, winangun kalimah atawa gundukan kecap anu geus matok, geus ditaker diwatesanan, teu meunang dirobah, boh dirobah unina atawa éjahanana, boh dirobah tempatna atawa dilemeskeun. Harti nu dikandungna mangrupa harti injeuman atawa siloka lakuning hirup manusa, anu teu bisa dihartikeun sajalantrahna nurutkeun harti tata basa atawa harti nu dikandung ku unsur-unsurna.

Aya rupa-rupa pakeman basa, nyaéta babasan, paribasa, kekecapan, rakitan lantip, cacandran, candrasangkala, uga, caturangga, jeung panyaraman. Namung, anu bakal dibahas ayeuna mah nyaéta ngeunaan Babasan jeung Paribasa.

BABASAN

Babasan nyaéta kecap atawa gundukan kecap anu ngandung harti injemuan atawa kiasan. Contona:

  • Hampang birit = babari dititah
  • Gedé hulu = sombong
  • Buntut kasiran = korét, medit

PARIBASA

Paribasa nyaéta ungkara basa winangun kalimah anu ngandung harti babandingan minangka siloka lakuning hirup manusa. Eusi paribasa bisa mangrupa wawaran luang, pangjurung laku alus, jeung panyaram lampah salah.

Contona:

  • Adat kakurung ku iga = tabéat mah hésé dipiceunna atawa dirobahna.
  • Anj!ng ngagogogan kalong = mikahayang nu pamohalan bisa laksana.
  • Gindi pikir belang bayang = goréng haté, resep nyilakakeun batur.

──────────────

↦ Nomer 3

Métodeu nu dipakéna nyaéta métodeu IMPROMPTU. Sabab pidatona dilakukeun sacara ngadadak, henteu maké persiapan.

Pedaran

Métodeu biantara nyaéta cara midangkeun hiji biantara. Biantara nyaéta nyrita atawa nepikeun kedalan di hareupeun jalma réa anu caritaanana disusun sacara rapih tur merenah. Ditilik tina suasanana aya dua rupa biantara nyaéta biantara resmi jeung biantara teu resmi.

Aya opat métodeu biantara, nyaéta nu disebut métodeu impromtu, métodeu ngapalkeun, métodeu naskah, jeung métodeu ékstémporan. Di handap ieu dijentrekeun naon maksud unggal metode biantara nu disebutkeun:

  1. Métodeu impromtu atawa ngadadak nyaéta métodeu biantara nu midangkeunana téh ngadadak atawa henteu tatahar heula ngan ngandelkeun pangaweruh atawa pangarti nu dipiboga ku dirina.
  2. Métodeu ngapalkeun nyaéta métodeu biantara nu nepikeunana téh nyaéta ku ditulis heula naon nu rék diomongkeun atawa ditepikeun, terus diapalkeun per kecapna. Kusabab kitu, métodeu biantara ku ngapalkeun mah sok rada kaku, sabab nu nepikeun éta biantara kudu nginget nginget naon nu rék diomongkeun.
  3. Métodeu naskah nyaéta métodeu biantara nu nepikeunana ku cara maca naskah. Biasana nu ngaregepkeun ieu biantara henteu pati mikaresep kana éta métodeu biantara sabab biasana nu nepikeun éta biantara sok sering tungkul maca naskah biantara. Biasana métodeu ieu digunakeun dina acara-acara resmi.
  4. Métodeu ékstémporan nyaéta métodeu biantara nu nepikeunana teu ngagunakeun naskah, tapi biasana disusun catetan gurat badag nu rék di tepikeun. Gurat badag naon nu rék diomongkeun dicatet sacara taliti. Kalimah atawa kecap nu ditepikeun bébas tapi tetep dumasar kana gurat badag nu aya dina catetan.

Diajar Deui

→ Matéri conto biantara.

  • https://brainly.co.id/tugas/11569922
  • https://brainly.co.id/tugas/7246914

Détail Jawaban

  • Mapél: Basa Sunda
  • Kelas: 9
  • Bab: Bab 1 - Biantara
  • Kodeu katégorisasi: 9.13.1

Kecap konci: biantara

[answer.2.content]